SAJAK MUNGGARAN 2021
PABUBURIT
Keur wanci kasorenakeun
Hujan girimis teu eureun -eureun
Nyakclakan cluk clak ninggangan kenteng palentong woneng
Lir mawa pepeling diri
Ci hujan...... nyarita teu kebat balaka
Ka diri nu keur lamokot ku dosa
Wanci geus lagu kaMagribnakeun
Bersihkeun, langgengkeun istighfar ka Nu kagungan
